Selasa, 09 Juni 2015

Mieling...



Mieling...

Ahad, 7 Juni 2015

Syaroh Kitab Kaasyifatus Sajaa

Tiantawisna perkara anu matak ngawariskeun kana faqir :
1.    Lobana sare
Inget kana babasan, rijkina dipacok manten hayam. Kitu oge ari rizki nuturkeun tapi tetep kudu diteangan. Moal aya kadaharan ngalayang ngahuapkeun sorangan kana cangkem.
2.    Sare bari tataranjang
Nutupan aurat hukumna wajib sanajan kaayaan keur sorangan, dina kasarna bising aya nu matak ngundang picilakaeun.
3.    Dahar bari kaayaan awak keur dina junub
Sabab ari junub kaayan awak teh kotor, alusna mah beberesih heula.
4.    Barangdahar ngaremeh
5.    Ngaduruk kulit bawang beureum jeung bawang bodas
6.    Nyapuan imah tipeuting
Pangna kitu sabab bisi aya barang berharga kasapukeun, nya kumpulkeun heula dijuru lamun geus siang sok sapukeun kana bener.
7.    Ngantep sampah diimah
Kabersihan sabagian tina iman.
8.    Leumpang hareupeun kolot/anu leuwih luhur elmuna
Ngahurmat kanu jadi sesepuh jeung loba pangalaman.
9.    Ngagero indung bapa make ngaran aslina
Ari karidhoan Alloh nya aya dina karidhoan kolot, jadi geus kuduna kolot digero ku bahasa nu matak aranjeunna ngarasa seneng tur jadi asih ka anakna.
10. Gagampangan dina urusan sholat
Ngarasa jongjon anggeus sholat padahal ditarima jeung henteuna mah walloohua’lam.
11. Ngajait baju bari kaayaan napel dina awan
Bisingna ke ngalukaan kana awak.
12. Pangakhirna asup ka Masjid pang awalna kaluar ti Masjid, pang awalna asup ka pasar pangakhirna balik ti pasar
Ulah ngutamakeun teuing urusan kadunnyaan.
13. Ngantep ngumbah wawadahan
Bakal araringgis nu  nempo jeung bakal barau.
14. Meuli bubuk roti ti jalma faqir jeung tukang jajaluk
Jalma faqir jeung tukang jajaluk mah pantesna dibere, da boa wae eta bubuk roti teh hiji-hijina kadaharan anu maranehna mikaboga.
15. Mareuman damar ku nafas (ditiup)
16. Nulis make pena anu geus ruksak
17. Nyisir ku sisir anu ompong
18. Ninggalkeun ngadu’a ka indung bapa
Indung bapa ladang anak asup ka surga.
19. Make sorban bari diuk
20. Make calana bari nangtung
Sieunna ke labuh lamun bari nangtung mah.
21. Pedit
Hirup mah kudu berehan da sagala anu dipimilik ku urang hakikatna milik Alloh,kitu deui ari rizki mah bet moal pahili atuh.
22. Rupek dina nafaqoh
23. Isrof (kaleuleuwihi)
Barangbeuli ngaleuwihan tina kabutuhan, nu teu penting ge ngahajakeun dibeubeuli.


Cutatan:

Ieu artian ukur tina pamikiran jeung logika kuring anu can beres, masih molongpong. Jentrena mangga pilarian dina kitabna. Langkung saena, mangga sumpingan Al-Mukarrom Kiyai Ujang Hasan pimpinan Ponpes Daarul Falaah (Modrosah Mubtadiin) di Lembur Babakan, Desa Karangampel,  Kecamatan Baregbeg, Kabupaten Ciamis.

Leave a Reply